Kamis, 22 Desember 2011

SURAT KANGGE EMA

Bandung, 22 Desember 2011 Assalamu alaikum w.w Ema abdi emut waktos abdi budak, ema sok sering ngadongeng. Dongeng ema nu abdi emut teh nalika ema ngadongenkeun zaman ema nuju murangkalih. Harita abdi sareng pun lanceuk sok pogot ngupingkeun. Geuning waktos dongeng nuju ngungsi, cenah ema teh nuju anjang-anjangan aya angin puyuh dugi ka cocooan anjang-anjangan kagungan ema kacandak ku angin puyuh. Teras waktos ema ngadongengkeun diudag-udag domba, ema teh lumpat naek kana tangkal jambu, eh tangkalna kalah ngoyondon ka handap anu handapeun tangkal teh aya balong.....hehehe...teu kacipta waktos harita geumpeurna, kahandap sieun ngagujubar, ka darat sieun ku domba. hem.....pangalaman nu tangtos sesah dihilapkeunana. Ema waktos abdi sareng pun lanceuk ayun-ayunan di saung, harita pun lanceuk rag-rag tina ayunan jalaran tarik teuing diayunkeunana ku si Irah putrana tatanggi. Pun lanceuk nangis awong-awongan balas ku nyeri, ningal kitu teh ema bendu jalaran abdi sareng pun lanceuk bengal teu kenging diwagel dipiwarang barobo siang kalah lumpat ka saung. Hapunten ema...abdi sering baha kana parentah ema. Ema waktos abdi ngaos sok hoyong pangpayunna diwurukkan teh, nalika pun lanceuk alim ngelehan sami hoyong diwuruk tipayun, abdi ngamuk nangis gegerelengan, teras ngajenggutan rambut ema. Tapi ema sabar ....teu galider ningal nu ngamuk....ema neraskeun ngawuruk ngaos dugi ka rengse. Tos rengse nembe nyandak abdi ka jamban, teras abdi diibakan, diberesihan jalaran awak abdi janten kalotor balas ku ngamuk............duh ema hapunten abdi....abdi tos ngabarobihkeun ema ...abdi tos nyesahkeun ema..... Ema mangsa abdi rumaja....ema tetep ngaping, ngajaring ngajaga sareng ngariksa......sok sanajan abdi sareng pun lanceuk kalan-kalan sok liwar sok sering baha tina papatah ema...ma'lum mangsa rumaja mah kebek ku kabebasan....tapi ema tetep sabar mayunan abdi sareng pun lanceuk nu keur meujeuhna mangkak. Ema nalika abdi ngadahup.....ema katingal carinakdak....tapi abdi terang ...eta cisoca ema teh sanes cisoca kasedih....tapi cisoca bajga, wireh tos ngajajapkeun nu janten putra kana gerbang pernikahan. Ema sok sanaos abdi tos rumah tangga , ema tetep ngajaga ngariksa, sareng masihan conto kedah kumaha rumahtangga anu sae numutkeun agama nu dicontokeun ku rasul teh. Ema teu petot petot ngawawadianan ka abdi sareng ka pun lanceuk. Maksad ema teu aya sanes supados putra ema janten istri u solehah. Ema waktos abdi dibantun ka rumah sakit jalaran kedah nandangan dioperasi, ema sabar ngantosan....sok sanaos pada ngawagel, nanging ema tetep palay ngantosan abdi di rumahsakit, tug dugi ka abdi jagjag di rorompok ema nembe tiasa ngantunkeun abdi. Ema hatur nuhun ......mugia Allah SWT salamina maparinan rahmat sinareng barokahna ka ema .....mugia ema husnul khotimah....duh Gusti abdi bagja gaduh ema nu teu weleh nungtun kana jalan nu dipirido ku Gusti.....Allohummaghfirli...dzunubi...waliwalidayya warhamhuma kama robbayani shogiro....amin (Kangge Ema Wilujeng HARI IBU...)